Saturday, October 29, 2016

Resep Kue Cincin, Mun di Cibeureum Disebut Kue Ali

Bahan :
-tepung beras saliter
-gula beureum satengah kilo
-minyak ngan ngagoreng

Cara ngolah :
- Gula di taher, mun geus kolot taheran gulana kompor matikeun,
*cara ngetes gantingna kieu: siapkeun piring di caian (ngagunakeun cai atah).
terus cai taheran gula tes-keun kana cai nu geus disiapkan dina piring. Antepkeun bangsa 30 detik mah, trus kumpulkeun tah. Cai gulana mun puyar berarti can kolot. Kudu dimasak deui neupi ganting.
- Asupkeun tepungna,
- Ulenan eta tepung jeung gula. Bahan nu geus nang ngadinan di simpen heula 3 peuting tina suhu kamar,
- Mun geus waktuna, karak adonan dijieun bulet-bulet jeung di bolongan tengahna,
- Goreng.

*Bahan nu dipake jeung ngajieun sarua jeung kue cucur. Tapi mun kue cucur mh adonan na lewih encer & teu perlu di peutingan.
*bocoran resep ti bu Arinie. Nuhun pisan nya bu 😊